Translate

Saturday 24 October 2009

Kecap Kantetan

kecap kantetan nya eta kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu dikantetkeun sarta ngandung harti mandiri anu beda jeung unsur-unsur pangwangunan.
Rakitan Dalit (Kompositum)
ciri-cirina nya eta :

* 1) unsur-unsurna can awor pisan
* 2) harti eta kecap kantetan masih keneh bisa ditetenan tina unsur-unsur pangwanguna.
* 3) Nulisna dipisahkeun.

Conto :
Goreng patut, kamar mandi, gede hulu, indung bapa, kacang panjang, mata simeuteun, pondok lengkah, jrd.

Kecap Rajekan

Kecap rajekan nya eta kecap anu diucapkeun dua kali arawa leuwih, sebagian atawa degemblengna, rabah sorana watawa heunteu. Nya eta :

* a. Dwi purwa

Dwi purwa asal kecapna tina dwi = dua; purrwa= mimiti, hartina engang nu mimiti diucapkeun dua kali,
Conto :
Tojo = totojo
Tacong = tatajong

* b. Dwilingga

Dwilingga nya eta nu dirajek sagemblengna kecap, aya nu robah, aya oge anu teu robah sorana. Nya eta :
1) Dwimurni (Nu teu robah sorana)
macemna aya:

* a) nuduhkeun loba : bangku-bangku, jelma-jelma,
* b) rupa-rupa, sarua sifatna : hasem-hasem, amis-amis, pait-pait,
* c) lila milampahna : nimbang-nimbang, mikir-mikir,
* d) nuduhkeun siga : ucing-ucing, siku-siku, kuda-kuda,
* e) nuduhkeun hanjakal : geulis-geulis, kasep-kasep,

2) Dwireka (Nu robah sorana)

* a) nuduhkeun rupa-rupa : uanak-anik, tulang-taleng, grudak-gruduk,
* b) nuduhkeun leuwih ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor

3) Dwisasana (nu dirajek engang panungtungna)
padugdug, cikikik, cikakak, jrd

* c. Trilingga

nya eta disebutna tilu kali jeng robah sorana.
Conto : dag dig dug, pak pik pek, har her hor, jrd

Monday 5 October 2009

Kecap Rundayan

Kecap rundayan nya eta kecap anu make rarangken.
Nya eta :
N, m, ny, ng, pa, pi, pang, sa, si, ti, di, ka, mang, ba, nyang, pra, pri, per, pada, para, silih, barang.

Kecap Asal

Kecap asal nya eta kecap anu tacan diropea wangunana atawa kecap weuteuh anu heunteu di rarangken.
Contona : bodas, beureum, domba, uncal, Ucing, dahar, lauk sangu. Jrd

Babaturan