Translate

Wednesday 30 December 2009

Ratu Inten Déwata

Seueur nu nganggap yén carios Ratu Inten Déwata téh mung saukur dongéngan legénda wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data émpiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratu Inten Déwata masih tetep ngarupikeun dongéng karuhun nu masih dipercanten ayana, utamina ku masarakat Tarogong, Garut, salaku carita sasakala karuhun karajaan Timbanganten.

Taun 50-an pribados kantos ngahaja ngadongkapan ka sababaraha situs nu dianggap patilasan karajaan Timbanganten. Di antawisna lokasi Korobokan, Cipanas, sareng Gunung Putri. Hanjakalna, maksad ngajugjug ka puncak gunung Guntur mah teu laksana, jalaran kaayaan kaamanan waktos harita pikarisieun, ku mahabuna gorombolan.

Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih ti kacamatan Tarogong kiwari, taun 50-an mah masih kénéh aya seueur gundukan batu. Katingal pabalatakna gundukan babatuan, sapertos patilasan bangunan lami. Sabudeureunnana seueur kakaian sarupaning tatangkalan arageung, pacampur jeung eurih. Oge aya sababaraha kuburan lami nu teu kapiara, pating solengkrah. Éta lokasi téh aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang ka punclutna téh asa capé da nanjak.

Cenah di éta lokasi téh aya dugaan patilasan karajaan Timbanganten. Nanging upami urang kadinya waktos ayeuna tahun 2008 mah, eta situs teh tos moal katingal deui. Nu aya mah seueur bangunan enggal diantawisna bangunan sakola sareng bumi-bumi mani pasedek-sedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi diduga patilasan karajaan Timbanganten.

Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wetan sareng kidul, plung plong pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu tebih, katingal atra pamandian Cipanas, rada tebihan wetaneunana muncunguk kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, nanging eces katingal bumi-bumi, bangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat teh taya sanes dalah situs patilasan kanjeng Ratu Inten Dewata nu kantos ngababakan di ieu tempat.

Karajaan Timbanganten teh sakawitna puseur dayeuhna teh di Korobokan, lajeng ngalih ka Tarogong saparantosna gunung Guntur bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg mandiri, hartina teu kaereh/kajajah ku nagara deungeun. Tanahna subur makmur gemah ripah lohjinawi, murah sandang murah pangan, rea ketan rea keton. Sepi paling towong rampog teh lain ukur ngan babasan. Rajana katelah Rangga Lawe, hiji raja nu adil palamarta, gede wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.

Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan teh sanes Rangga Lawe, nanging rakana nu kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri geulis camperenik, salirana jangkung alit, kulitna koneng. Rambutna hideung meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka raina Rangga Lawe, hiji jajaka nu dedeg sampe rupa hade rancingeus, pertentang tur parigel.

Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawe jeneng raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten teh ramana suargi nu jenengan Rangga Raksa Nagara. Ti parameswari Dewi Gandani anjeunna kagungan dua putra. Nu cikal jenengannana Ratna Inten Dewata, ari raina mah Rangga Lawe.

Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias tilar dunya, kantos mantenna masihan bewara dina hiji riungan rehna mantenna bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu cikal nyeta Ratna Inten Dewata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip, Ratna Inten Dewata ngawaler:
“Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami diparengkeun abdi panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi hoyong nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong kadali pamarentahan. Kukituna, sanes nampik pangasih Ama, bawiraos sae pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi Rangga Lawe. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gede wawanen, perceka dina sagala rupa hal. Tah, ku kituna ka rayi Lawe, prak geura tampa amanat jeung kaasih ti Ama jeung ti lanceuk. Geura cekel ieu karajaan Timbanganten”.

Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratna Inten Dewata angkat ka gunung Kutu nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih, nu bumela ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun marantenna ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana seger. Komo mun pareng kekembangan nyambuang sarareungit. Manuk-manuk recet disarada. Ngerelekna sora pancuran nu ngocor kana empang matak betah tumaninah.

Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang ageungna. Nyeta halodo panjang, dugi ka masyarakat karajaan Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti para gegeden karajaan supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi ngabedol babakan Putri nu waktos harita ngarupikeun padepokan Ratna Inten Dewata.
Kalayan teu ngemutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga Lawe nyaluyuan pikeun ngabongkar babakan Putri, nu caina engke baris dikocorkeun ka bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Dewata teh lajeng dibukbak, teras didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.
Ratna Inten Dewata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana Timbanganten jeung sabuderna. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah. Angot Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug turug tambak cai tos bade rengse.

Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede mimiti karasa. Taneuh inggeung. Gelap pating burinyay. Bumi genjlong asa digunjang ganjing. Gunung Guntur ngabudalkeun batu pating saliwer. Langit asa tungkeb. Pating jelegurna sora gelap dina ponclot gunung Guntur beuki motah. Tatangkalan pating dorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin tarik naker.

Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating jarerit, pating koceak. Rangga Lawe kakara sadar, yen eta kajadian kitu teh mangrupa bebendon ti dewa, dumeh geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak pamajikan, Rangga Lawe seja milarian Ratna Inten Dewata, rek mundut dihapunten. Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.

Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung Ratna Inten Dewata. Kudupruk bae anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten Dewata, sabari nyarios dumareuda: ”Duh, Mbok, hapunten jisim kuring rumaos lepat. Ieu teh bebendon Hyang Widi ka jisim kuring, nu bedang wangkelang ka salira Mbok”.

Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawe, ngadak-ngadak lini teh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu gede, batu leutik geus taya nu pating belewer deui. Langit ngadak-ngadak lenglang, angin leler. Ciri Dewata nyakseni kana kabersihan hate Ratna Inten Dewata.
Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wetan nu dituju nyeta gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem.

Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga Lawe nya ngababakan deui. Lila-lila eta babakan teh beuki rame batan Korobokan kapungkur. Nepi ka kiwari babakan enggal teh katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui.Tapi ari ngaranna mah masih keneh tug nepi ka ayeuna.

Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawe nu dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong, sabada bumen-bumen di dinya, tilem teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi pamungpungan ti mana mendi, mangrupa wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal samemehna mah Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki rame. Garut katelah jadi Kota Inten.

Asmaradana

Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

Download

Sunday 13 December 2009

KAJEMBARAN BASA

1) ngaran anak sasatoan

anak anjing = kirik
anak badak = kancra
anak bagong = begu
anak bandeng = nener
anak banteng = bangkanang
anak belut = kuntit
anak bogo = cingok
anak buaya = bocokok
anak cacing = bilatung
anak deleg = boncel
anak embe = ceme
anak entog = titit
anak gajah = menel
anak hayam = ciak
anak japati = piyik
anak kadal = tobil
anak keuyeup = bonceret
anak kuda = belo
anak kukupu = hileud
anak lauk = burayak
anak lele = nanahaon
anak lubang = leungli
anak maung = juag
anak monyet = begog
anak munding = eneng
anak reungit = utek-utek
anak sapi = pedet

2) Sora Sasatoan

anjing = ngagog, nyunginggung, babaung
bagong = sesegrog
domba/embe = ngaberele
entog/meri = ngwekwek
gagak = ngelak
hayam = kongkorongok(jalu), kokotak (bikang)
kuda = nghiem
manuk = ricit
maung = ngagerem, ngagaur
reungit = ngahieng
tikukur/titiran = ngantuk

3) Pakarang Sasatoan

Badak = cula
bagong = sihung
banteng = tanduk
buaa = buntut
embe/domba = tanduk
gajah = gading, tulale
hayam jago = siih
kalajengking = panyeureud
kamarang = panyereud
kapiting = panyapit
landak = cucuk
lele = pamatl
maung = kuku jeng siung
munding = tanduk
nyiruan = panyeureud
oray = peurah
sapi = tanduk
singa = kuku jeng siung
tawon/engagang = penyeureud
ucing = kuku
uncal = tanduk

4) Kekembangan

bako = bosongot
bolang = ancal
cabe = bolotot
cau = jantung
cengek = mencenges
cikur = jelenggut
eurih = ancul
gedang = ingawang
genjer = gelenye
hui = bubuay
jaat = jalingger
jambe = mayang
jambu aer = lenyap
jambu batu = karuku
jengkol = merekenyenyen
jeruk = angkrik
kaso = curiwis
koneng = badul
kudu = olohok
laja = jamotrot
limus = seleksek
lopang = cacas
peutuy = pendul
sampeu = dingdet
terong = moncorong
tieu = badaus
waluh = alewoh

5) Ngaran Kandang

hayam/ domba / = paraje
japati = pagupon
kuda = istal/ gedongan
tempat lauk = buleg
maung (sato galak) = karangkeng / garagol
munding = karapyak
manuk = kurung

6) Tukang / patukangan

anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh
bujangga = tukang nyien/nulis cerita
candoli = tukang ngajaga pabeasan dina hajat
gending = tukang nyieun parabot tina kuningan
kabayan = tukang dititah kaditu kadieu
kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas
kuncen = tukang ngurus kuburan
legig = tukang ngasruk dina pamoroan
malim = tukang meruhkeun sato galak
maranggi = tukang nyieun sarangka keris
nyarawedi = tukang ngagosok permata
pakacar = tukang ngaldenan/bubujang
paledang = tukang nyieun parabot tina tembaga
palika = tukang teuleum
pamatang = tukang moro nggunakan tumbak
pamayang = tukang ngala lauk di laut
panday = tukang nyieun parabot tina beusi
panerasan =tukang nyadap
paninggaran = tukang moro nggunakeun bedil
sarati =tukang ngusir/meruhkeun gajah

7) Parabot / Pakakas

arit = paragi ngala jukut / pare
asetik = paragi ngasek
ancun = paragi ngakut es kacang
belincong = paragi nugar
beliung = pakakas anu bisa dijieun patik / rimbas
bandring = paragi meledogeun batu
bedog = paragi ngadek
cengkrang = paragi nyacar
dekol = paragi ngadek tur bisa dapake nakol
etem = paragi ngala pare
gacok = paragi nugar
gaet = paragi ngait nu beurat tur digagangan
gegendir = paragi neunggeul nu beurat
gubang = sepertibedog tapi panjang
gondewa = paragi mentang jamparing
jara = paragi ngaliangan awi
jamparing = panah
kikir = paragi ngasah ragaji
kored = paragi miceun jujukutan
kujang = pakarang urang sunda baheula
parang = paranti ngababat jukut dina geleng
sumpit = paranti ngala lauk dijieunna tina tamiang
sundung = paragi ngawadahan jukut

8) Ngaran wanci

janari leutik = tabuh 01.00 - 03.00
janari gede = tabuh 03.00 - 04.30
balebat = tabuh 04.30
carancang tihang = tabuh 04.30 - 05.00
rebun - rebun = tabuh 05.00 - 06.00
haneut moyan = tabuh 07.00 - 08.00
pacar sawed = tabuh 09.00 - 10.00
ramangsang = tabuh 11.00
manceran = tabuh 12.00
lingsir ngulon = tabuh 13.00
panon poe satangtung = tabuh 15.00
tunggang gunung = tabuh 16.00 - 17.00
sariak layung = tabuh 17.00 - 17.30
harieum beungeut = tabuh 18.00 - 19.00
sareureuh budak = tabuh 19.00
sareureuh kolot = tabuh 21.00
teungah peting = tabuh 24.00

a) waktu sejena
sakdet netra = (sakedep netra), kedet=kiceup, nya eta nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan
sakiilat = waktu anu sakeudeung pisan
sapangnyepuhan = nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana kira-kira sarua lilana jeung anu keur nyepah
sapangejoan = waktu anu rada lila salila anu keur ngejo (nyangu)
samur jagong = kira - kira tilu bulan setengah
sataun landung = satuan leuwih
sawinsu = delapan tahun
seabad = seratus tahun

b) waktu sejena
poe ieu = ayeuna
poe an geus kaliwat = kamari
poe sanggeus kamari = mangkukna
poe anu bakal datang = isukan
sapoe sanggeus isukan = pageto
waktu nu cikeneh karandapan = bieu
waktu nu rada lila kaliwat= tadi
waktu nu lila kaliwat = bareto
waktu beh ditueun bareto = bahela
waktu nu sakeudeung dei bakal karandapan = engke
waktu nu bakal datang = isuk, jaga, isuk jaganing pageto

9) ngaran - ngaran usum

a) Nu Patali Jeung kaayaan Alam
usum katiga = usum halodo
usum mamareng = usum mimiti rek ngijih
usum dangdarat = usum panyelang antara halodo jeing ngijih
usum ngijih = usum hujan
usum barat = usum gede angin (nu jolna ti kulon)
usum selatan = usum loba angin nu jona ti kidul
b) Nu Patali jeung Kaayaan Masyarakat
usum pagebug = usum loba nu gering/penyakit
usum sasalad = usum loba penyakit bari tapa
usum patepok = usum loba nu kawin
usum tigeret = usum kurang dahareun
usum paceklik = uaum kekurangan pare/dahareun
c) Nu Patali Jeung kaayaan Tatanrn
1. Tatanen di sawah
usum nyambut = usum miteumbeyan ngagarap sawah
usum morekat = usum nyawah leutik
usum tandur = usum melakeun binih pare di sawah
usum ngarambet = mangsa patani miceunan jukut nu jaradi di antara tangkal pare
usum celutu = mangsa pare geus mimiti cul cel aya buahan
usum beukah = mangsa pare geus loba buahna nu barijil
usum rampak = mangsa pare geus rata/papak beukah
usum panen = mangsa dibuat, ngala pare
usum jami = sabada panen
2. Tatanen di Huma
Usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun
usum ngahuru = meleum kai jeung kakayon nu geus garing benang nyacar
usum ngaduruk = meresihan serta ngaduruk kai nu can ka beuleum waktu ngahuru
usum ngaseuk = melak pare ku cara nyoceng-nyocengkeun kai meunang nyeukeutan tuntungna
usum ngored/ngoyos = meresihan jukut nu jaradi diantara luwukan pare make parabot etem ngetem
usum ngunjal = mawaan pare ti huma ka imah

10) Pranata Mangsa

Nu dimaksud pranata mangsa nya eta perelean ngaran usum dina jero satuan
a. Kasa (kahiji), ti tanggal 22/23 Juni - 2/3 Agustus = ususm mimiti melak palawija
b. karo (Kadua), ti tanggal 2/3 Agistus - 25/26 Agustus = usum randu pucukan; melak palawija kadua
c. katiga (Katilu), ti tanggal 25/26 Agustus - 18/19 September = usum beubeutian sirungan; panen palawija
d. Kapat (Kaopat),, ti tanggal 18/19 september - 13/14 oktober = ususm sumur sara'at; randu pentilan, usum melak cau
e. Kalima (kalima), ti tanggal 18/19 Oktober - 9/10 Nopember = Usum turun hujan; asem pucukan; koneng ngadaun ngora
f. Kanem (Kagenep), ti tanggal 9/10 Nopember - 22/23 Desember = usum bubuahan mimiti karolot,usum ngagarap sawah
g. Kapitu (Katujuh), ti tanggal 22/23 Desember - 3/4 Pebruari = usum caah jeng gede angin; usum tandur
h. kawolu (Kadalapan), ti tanggal 3/4 Pebruari - 1/2 Maret = usum pare reureuh; loba hileud, jsb
i. Kasanga (Kasalapan), ti tanggal 1/2 Maret - 26/27 Maret = usum pare rampak, turaes ngear
j. Kasadasa (Kasapuluh), ti tanggal 26/27 Maret - 19/20 April = usum pare beuneur hejo; manuk-manuk nyarayang; usum palawija di tanah darat
k. Desta (Kasabelas), ti tanggal 19/20 April - 12/13 Mei = aya keneh waktu keur malawija; manuk - manuk maraban anakna
l. Sada (Kaduabelas), ti tanggal 12/13 mei - 22/23 Juni = usum rumpak jami' isuk-isuk tiris

11) Ngaran Wangunan

Balandongan = adegan pikeun narima semah (ruang tamu)
Bale = adegan wawangunan (ruang tamu)
Bale Desa = kantor pamong desa
Bale kota = kantor wali kota
Bale Watangan = pengadilan
Bedeng = imah dipetak-petak
leuit = wangunan paranti neundeun pare
lio = wangunan patanti nyimpen bata/kenteng

Babaturan