Aya sababaraha jalan nu bisa disorang ku urang Sunda pikeun milu ngalalakon dina kahirupan kanagaraan. Kahiji, perlu milu kana panggung kakawasaan saperti nyekel jabatan pulitis ti mimiti presiden, menteri nepi ka gubernur, walikota jeung bupati. Pilihan bieu miang tina anggapan, mun milu kana panggung kakawasaan, kamamuran masarakat nu jadi udagan bakal gancang kahontalna.Kadua, cukup nguatan masarakat sipil wae, teu ngarasa perlu-perlu teuing nyekel jabatan pulitis.Pilihan bieu geus dilarapkeun ku etnis Cina di nagara urang. Geuning sanajan maranehna teu boga wargana nu jadi presiden, menteri, gubernur, tapi tetela masarakatna kaitung kuat,diantarana boga akses kana sumber daya ekonomi. Kitu deui maranehna geus ngahasilkeun masarakat terpelajar, rea nu jaradi dokter, praktisi hukum, sarjana dina rupa-rupa widang elmu jeung sajabana. Malah ngahasilkeun kaom intelektual nu ngapimilik integritas luhur saperti Yap Thian Hien, Arief Budiman, Ong Hok Kam, Kwik Kian Gie jeung nu lianna. Masarakat etnis Cina estuning tohtohan ngatik masarakatna sangkan bisa hirup mandiri.
Jalan mana atuh nu pantes disorang ku urang Sunda?
Jalan kahiji tangtu wae sah, bisa disorang ku saban etnis nu aya di nagara urang, kulantaran saban warga nagara boga hak milu mingpin nagara. Jadi, naon salahna mun hak bieu nu ditangtayungan ku konstitusi dilaksanakeun? Jalan kadua, tangtu wae ieu mah kudu ditataharkeun tur dimekarkeun salawasna, kulantaran situasi pulitik teu saban waktu mihak ka urang. Dina mangsana jalan kahiji kapeungpeuk, masarakat urang moal kadungsang-dungsang teuing ari geus biasa nyorang hirup kamandirian mah. Masarakat Cina jeung masarakat Yahudi di pangumbaraan, upamana, kitu deui masarakat Syiah, dina sajarah kahirupanana apan geus nembongkeun: maranehna bisa mekarkeun paradabanana sanajan henteu nyekel kakawasaan oge.
Mayoritas kadua.
Dibandingkeun jeung etnis sejen di Nusantara, ditilik tina jumlah pangeusina, urang Sunda kaasup etnis mayoritas kadua sabada etnis Jawa.Jadi, sabenerna mah ngeblak jalan nu kaitung lega pikeun urang Sunda milu icikibung kana kakawasaan ku jalan nyekel jabatan pulitis ti mimiti presiden nepi ka kapala daerah. Malah sabenerna mah jalan bieu geus lila disorang, upamana wae, iwal ti jadi presiden jeung wakil presiden, apan geus rea urang Sunda nu nyekel jabatan menteri kitu deui geus rea nu jaradi kapala daerah. Hanjakalna, tacan karasa hasilna, buktina apan tatar Sunda, masarakatna kitu deui paradabanana tacan ngahontal kaayaan nu nyugemakeun. Jadi, sabenerna mah nu penting pikeun urang Sunda, kitu deui pikeun etnis sejenna, lain nyekel kakawasaan-kakawasaan teuing, tapi kumaha ngamangpaatkeun kakawasaan bieu. Buktina, jabatan kapala daerah di Propinsi Jawa Barat sakitu nyampakna, jeung deui geus pada ngeusian ku urang Sunda sorangan, henteu dilindih ku etnis sejen, tapi pamustunganana mah apan angger wae hasilna nu tacan nyugemakeun. Hartina kakawasaan nu geus hasil dicekel teh tacan bisa dimangpaatkeun kalayan optimal pikeun kamamuran rahayat.
Ana kitu, urang Sunda nu boga karep nyorang jalan kahiji nyaeta milu icikibung kana kakawasaan, kudu jelas indit-inditanana. Kahiji, orientasina kudu puguh, hartina kakawasaan teh lain saukur kapimilik wungkul tapi kudu mampuh deuih ngamangpaatkeunana pikeun kamamuran balarea. Ari orientasina lain kitu mah, atuh gaplah nyekel kakawasaan teh. Kadua, strategi pikeun nyorang jalan bieu oge kudu puguh ulah saukur ngawang-ngawang wungkul.Upamana, kudu aya urang Sunda nu daek bobolokot mingpin partey pulitik atawa ormas, kulantaran sarana bieu bisa mukakeun lawang kana kakawasaan.Jadi, bakal hese kasorangna mun taya saurang oge urang Sunda nu kaselir jadi pingpinan partey pulitik, tapi jojorowokan hayang jadi presiden.
Jadi jelas, pikeun nyorang jalan kahiji, urang Sunda ti ayeuna keneh kudu ngagederkeun atikan pulitik, lain wae keur nu aktip di partey pulitik jeung ormas, tapi pikeun balarea deuih. Mun atikan pulitik digederkeun pikeun masarakat, apan masarakat oge bakal ngaronjat kasadaran pulitikna, nu hasilna bakal mampuh milu aktip nalingakeun para pamingpin nu nyekel kakawasaan nu pamustunganana bakal bisa ngahasilkeun para pamingpin nu aleucreug.
Sajeroning kitu, pilihan jalan kadua oge kudu salawasna ditataharkeun. Urang Sunda kudu ngabiasakeun -saperti urang Cina di nagara urang- tohtohan nyakolakeun barudakna ka sakola nu luhur ajenna supaya engkena ngahasilkeun sumber daya manusa nu unggul. Kitu deui atikan karakter saperti daek "kerja keras", ngutamakeun ajen unggul dina sagala widang, sarta solidaritas jeung sasama kudu ditumuwuhkeun.Sumber dana oge kudu disiapkeun saperti ngawangun foundation-foundation kasundaan, upamana.
Tah, naha urang geus ngalengkah ka dinya?
Karno Kartadibrata.
(http://majalah-mangle.com/rubrik.php?mod=detail&id=311)