Translate

Sunday 12 December 2010

Sapotong Carita

Budak dikenyang satakerna. Nastiti ngajerit. Satengah sadar leungeun budak nu sabeulah deui dikenyang. Budak ge sarua ngajerit. Reuwas jeung nyeri sigana. Diparebutkeun.

"Maneh teu pantes ngurus budak, awewe taya kabisa, nyahona ukur ngagugulung kabingung, tempo tuh Si Erna... sagala kabisa nyampak di manehna!" teugeug, teureugeus, omong-omongan salakina.

Nastiti mereketkeun maneh sangkan teu nyeri hate. Lain sakali dua kali dirina dijejeleh model kitu bari dibundang-banding jeung maruna. Budak nu geus lesot tina cekelan bapana geuwat dipangku. Gidig dibawa asup ka imah. Kadenge nu kutuk gendeng. Teuing nyarita naon. Nastiti teu paduli. Goledag budak digolerkeun dina enggon. Kaciri panon budak teh beueus. Budak diteuteup bangun deudeuh naker. Ragamang leungeun budak kana pipi nu jadi indung. Ledak-ledak ngusap cimili nu ngamalir dina pipi nu koneas teh.

"Mah, Bapa... galak..." budak dumareuda.

Nastiti teu kawawa nahan pagaliwotana rasa. Budak ditangkeup tipepereket.

"Sanes, sanes galak bapa mah, Enung, bapa sonoeun ka Enung, hoyongeun nyandak Enung, ngan ku Mamah teu dipasihkeun..."
"Naha Bapa tara di dieu, bobo sareng Enung, sok di mana bobona Bapa teh, Mah?"
"Bapa mah pan damel, bobona ge di tempat damelna," cimata mah teu kaampeuh. Bedah deui. Kapaksa manehna ngabohong. Karampa sonoeun budak ka nu jadi bapa. Pisakumahaeun teuing mun nyahoeun yen bapana unggal peuting ngahenen di imah batur. Mepende awewe nu lain indung. Ah, ketang budak mah biheung ngarti nu karitu.
"Geuning bapana Ica ge didamel, tapi unggal sonten uih, jadi Ica mah bobona sok sareng bapa sareng mamahna...."

Ica teh batur ulina, budak Ceu Onih.

"Bapa Ica mah damelna caket, ari bapa Enung mah tebih..." dikitukeun teh budak kalah ngahuleng. Kawas nu keur mikiran bener henteuna caritaan nu jadi indung.
"Tos ah, mending ge bobo, pan Enung can bobo siang, ke Mamah bade masak, ari gugah Enung kantun emam," budak diolo sangkan teu papanjangan. Sirahna diusapan. Satuluyna, teuing enya tunduh teuing bakat ku hayang nurut kana caritaan nu jadi indung, budak meureumkeun panonna. Beuki lila kaciri renghapanana beuki anca. Bangun tumaninah. kawana, usapan leungeun nu jadi indung mujarab pikeun ngadatangkeun sakadang tunduh.

Geus kaciri tibra mah lalaunan Nastiti ngojengkang kaluar kamar. Reket panto ditutupkeun lalaunan. Enya, laun, sabab ngegebrug meueusan wae pinasti patal akibatna. Enung, budak awewe hiji-hijina pasti ngagurinjal reuwas. Tuluy renghap-ranjug. Tuluy nyesek. Mun geus kitu kana pasti kudu ka rumah sakitna teh.

Saenyana, kasakit budak model kitu teh geus kanyahoan ti keur orok keneh. Harita Nastiti keur jongjon nyeuseuh. Ngadenge budak renghak-renghik ceurik teh diantep we. Angkanan teh kagok tinggal meresihkeun. Tapi didenge-denge, ceurik budak mingkin tarik. Malah les-lesan. Nastiti buru-buru nyampeurkeun. Barang anjog, tetela orok nu umurna karak nincak tilu bulan teh kaciri bangun eungap. Napas ngaregeh dibarung jejengket. Nu matak reuwas, beungeut, dampal leungeun jeung dampal sukuna gareuntul. Bakat ku reuwas Nastiti jejeritan menta tulung ka tatanggana. Teu lila rob tatanggana daratang kaasup Bidan Ayi nu imahna teu pati jauh ti imah manehna. Ceuk Bu Bidan, orok kudu gancang dibawa ka rumah sakit. Sabab teu ilahar ceurik nepi ka gareunteul kitu ari lain boga kasakit mah. Nastiti nurut. Ahirna sanggeus budak dipariksa kalayan gemet ampir meakeun waktu satengah poe, dokter netelakeun yen budak teh ngabogaan kasakit kelainan jantung bawaan. Hiji-hijina jalan, nyaeta operasi. Kitu ge engke mun budak geus rada gede bari beurat awakna normal.

Nastiti nu ukur tamat SMP, teu pati ngarti kana naon nu dicaritakeun ku dokter. Tapi ka budak banget ku nyaah. Jaba beunang hayang. Sapuluh taun rumah tangga, nganti-nganti buah ati, ana brol singhoreng mawa kasakit, hate indung nu mana nu teu sedih kingkin. Nastiti ukur bisa sumegruk bari tumamprak ka nu kawasa, miharep datangna mu'jijat.

Opat poe budak opnameu. Untung harita salakina gawe keneh. Beaya obat-obatan jeung perawatan ditangkes ku kantor tempatna gawe.

Memeh mulang, dokter mapagahan. Ngurus budak nu boga kalainan bawaan model kitu, kudu ati-ati tur gumati. Budak teu meunang capeeun teuing. Teu meunang diantep ceurik tarik sarta teu meunang kagareuwahkeun ku sora-sora tarik. Pokona, sagalana kaasup kadaharanana kudu diperhatikeun pisan.

Teu bisa majar kumaha. Nastiti nu geus mangtaun-taun gawe di pabrik konpeksi, kapaksa menta eureun. Demi anak. Sapopoe waktuna beak pake ngurus budak. Kadeudeuh jeung kanyaah ditamplokkeun sagemblengna. Ngurus budak, keur mah kakara, keur mah budakna boga kalainan, ati-atina luar biasa. Sasat sagala rupa nu aya pakuat-pakaitna jeung budak kudu sakanyaho manehna. Rahman, salakina ukur jadi panongton. Saeutik demi saeutik waktu keur ngaulaan salakina beuki ngurangan. Kanyaah jeung kadeudeuh salakina nu mere kakuatan nepi ka wani ngejat ti imah kolotna nu teu panujueun kana karep manehna ngarangkep jeung lalaki pilihanana, beuki ipis. Katungkulkeun ku ngurus budak. Nastiti poho, Rahman teh lalaki. Lalaki nu salawasna mikabutuh teuteup geugeut jeung haneutna pangeukeup nu jadi pamajikan. Rahman, lalaki nu teu kuat nahan kalalakianana. Ngarasa disapirakeun ku pamajikan, lahlahan neangan panglumpatan. Kabeneran aya nu nyanggut. Erna, randa ngora, batur sapagaweanana. Randa beunghar. Pakaya titinggal salakina ngaleuya. Hirupna leuwih ti cukup. Enya soteh gawe, lain butuh ku duitna, tapi ngarah aya kagiatan. Tamba kesel.

Sabulan, dua bulan, hubungan maranehna mingkin rapet. Geus lain rusiah deui mun maranehna mindeng kaciri pagegeye boh di tempat gawe boh di tempat pelesiran. Tangtu wae sumebar omongan teu hade ngeunaan maranehna. Omong jalma tea, harus alah batan goong. Komo katampana ku nu sirik pidik. Aya jalan komo meuntas.

Genep bulan babarengan. Bebas lalugina. Ngarasa aman, da Nastiti kawas nu hare-hare. Teuing teu apal atawa api-api teu apal.

Teuing enya pedah geus nembrak kasalahanana, teuing pedah keur usum. Rahman jeung Erna dipehaka. Teu bisa ditawar deui. Rahman ngagarapak. Pakasaban manehna ukur eta-etana. Pareng pisan harita brek deui budak gering. Diopnameu meunang dua minggu. Mulan-malen. Keur bekel ge kapaksa jujualan. Paparabotan nu beunang hese cape ngumpulkeun nungtutan dikaluarkeun.

Keur bingung ti mana geusan boga duit keur nebus budak di rumah sakit, Erna ngurunyung nawarkeun pitulung. Saratna, Rahman kudu daek ngawin manehna. Jeun teuing dijieun nu kadua. Ari Rahman, bogoh ongkoh butuh ongkoh. Gasik nyatujuan. Teu bebeja heula ka pamajikan. Nastiti sasat dibongohan. Nyaho soteh basa gebro salakina mayar waragad urut nambaan budak. Ditalek ti mana boga duit, Rahman wakca. Kitu ge, dibarung ngancam, mun Nastiti rea ceta, talak tilu baris ragrag, kalayan Rahman cadu moal milu tanggung jawab ka anak nu ngan hiji-hijina.

Deui-deui, bakat ku nyaah ka budak, Nasitti eleh deet. Satekah polah narima sagala katugenah minangka titis-tulis ti nu kawasa. Kulak canggeum bagja awak. Nastiti neger-neger maneh. Najan keukeuh dina hatena dina hatena aya rasa nalangsa jeung kaleungitan. Komo da Rahman mah teu kawas ilaharna nu lian nu boga pamajikan dua, aya waktu kilir, ieu mah tonggoy di nu ngora. Kena-kena anyar keneh. Kena-kena itu leuwih geulis jeung beunghar.

Keun soal kilir-kilir kitu. Nastiti sadar, tadina manehna nu hare-hare, katungkulkeun teuing ku ngurus budak. Matak meujeuh mun ayeuna salakina pogot ka nu itu. Nu matak hemeng jeung baluweng, tadi salakina datang, keukeuh peuteukeuh menta budak. Rek dibawa ka ditu. Rek diurus di ditu. Alesanana, di ditu sagala rupa kaperluan budak geus nyampak. Jeung nu pasti budak kaperhatikeun da sapopoe boh Rahman boh Erna aya di imah. Beda jeung di imah indung, budak mindeng ulin sorangan sabab meh unggal poe Nastiti lunta, meres tanaga, buburug ngabedug. Indit subuh balik sore. Mun teu kitu kumaha tuda. Ti mana boga keur dahar sapopoe. Enya ge Rahman kadang ngiriman, Nastiti teu wani ngadahar. Wani soteh ngagunakeun duit pamere salakina keur meuli ubar anakna, di mana kapepet. Sangheuk teuing ngadahar rejeki ladang ngajual salaki. Enya, pan duit nu dibikeun ku Rahman teh tangtuna ge duit pamere Erna, maruna. Rek ti mana deui atuh, puguh Rahman mah ti saprak eureun gawe ge terus ngaligeuh. Nyalindung ka gelung teh lain babasan. Humayua, teu boga ka era. Bisa dibeuli ku awewe pantar Erna nu jadi sabiwir hiji. Awewe purah rucah. Ceuk beja mah, loba hartana teh lain pedah titinggal salakina wungkul. Gegedena mah ladang ngajual awak. Walohu teuing, teuing bener henteuna mah. Nastiti teu hayang nyaho leuwih jauh. Nu penting pikeun manehna kumaha carana sangkan teu kaleungitan budak nu ngan hiji-hiji. Mangka Rahman ngancam, mun nepi ka poe isuk budak teu dianteurkeun, manehna rek make jalan kasar.

Basa kadenge adan lohor ngalanglaung, Nastiti gura-giru ka cai. Wudu. Rap dimukena. Rengse aweh salam, sagala katugenah jeung kahariwang disanggakeun ka manteNa. Nastiti sumegruk, mumuntang kanu kawasa, hayang dibere kasempetan jeung kakuatan pikeun terus ngurus jeung mikanyaah nu jadi anak najan tepi ka iraha wae. Manehna teu hayang kaleungitan pikeun ka sakitu kalina. ***

Ku: Nur

(http://majalah-mangle.com/rubrik.php?mod=detail&id=56)

No comments:

Post a Comment

Babaturan