Translate

Sunday 20 September 2009

ADEGAN BASA

A. Tata Wangunan Kecap Aya 6 (genep) Rupa, nyaeta :
  1. Kecap asal
  2. Kecap rundayan
  3. Kecap rajekan
  4. Kecap kantetan
  5. Kecap wancahan
  6. Kecap memet

  1. 1. Kecap Asal
Kecap asal nya eta kecap anu tacan diropea wangunana atawa kecap weuteuh anu heunteu di rarangken. Contona : bodas, beureum, dimba, uncal, dahar, sangu. Jrd

  1. 2. Kecap Rundayan
Kecap rundayan nya eta kecap anu make rarangken.
Nya eta :
N, m, ny, ng, pa, pi, pang, sa, si, ti, di, ka, mang, ba, nyang, pra, pri, per, pada, para, silih, barang.

  1. 3. Kecap Rajekan
Kecap rajekan nya eta kecap anu diucapkeun dua kali arawa leuwih, sebagian atawa degemblengna, rabah sorana watawa heunteu. Nya eta :
  • a. Dwi purwa
Dwi purwa asal kecapna tina dwi = dua; purrwa= mimiti, hartina engang nu mimiti diucapkeun dua kali,
Conto :
Tojo = totojo
Tacong = tatajong
  • b. Dwilingga
Dwilingga nya eta nu dirajek sagemblengna kecap, aya nu robah, aya oge anu teu robah sorana. Nya eta :
1) Dwimurni (Nu teu robah sorana)
macemna aya:
  • a) nuduhkeun loba : bangku-bangku, jelma-jelma,
  • b) rupa-rupa, sarua sifatna : hasem-hasem, amis-amis, pait-pait,
  • c) lila milampahna : nimbang-nimbang, mikir-mikir,
  • d) nuduhkeun siga : ucing-ucing, siku-siku, kuda-kuda,
  • e) nuduhkeun hanjakal : geulis-geulis, kasep-kasep,
2) Dwireka (Nu robah sorana)
  • a) nuduhkeun rupa-rupa : uanak-anik, tulang-taleng, grudak-gruduk,
  • b) nuduhkeun leuwih ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor
3) Dwisasana (nu dirajek engang panungtungna)
padugdug, cikikik, cikakak, jrd
  • c. Trilingga
nya eta disebutna tilu kali jeng robah sorana.
Conto : dag dig dug, pak pik pek, har her hor, jrd

  1. 4. Kecap Kantetan
kecap kantetan nya eta kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu dikantetkeun sarta ngandung harti mandiri anu beda jeung unsur-unsur pangwangunan.
Rakitan Dalit (Kompositum)
ciri-cirina nya eta :
  • 1) unsur-unsurna can awor pisan
  • 2) harti eta kecap kantetan masih keneh bisa ditetenan tina unsur-unsur pangwanguna.
  • 3) Nulisna dipisahkeun.
Conto :
Goreng patut, kamar mandi, gede hulu, indung bapa, kacang panjang, mata simeuteun, pondok lengkah, jrd.

  1. 5. Kecap Wancahan
Kecap wancahan nya eta kecap anu asalna meunang mondokeun tina sekecap atawa leuwih tapi lain tina kalimah, pangna dipondokeun aya sabaraha sebab :
  • a) Lantaran deudeuh :
gelis =lis, neulis, euis.
  • b) Rusuh nyebutna/gancang :
atuh da = atuda, tuda.
matak tea oge = taktage
ceuk uing oge = cekengge, jrd

  1. 6. Kecap Memet
Kecap memet nya eta kecap anu asalna tina hiji omongan tuluy dicokot sawatara engangna nu dianggap penting.
Conto : Cireng, comro, batagor, gehu,..jrd
aci di goreng = Cireng
oncom di jero = Comro
baso tahu goreng = batagor
aci di colok = cilok
amis di jero = Misro
suuk di jero = Sukro

No comments:

Post a Comment

Babaturan