Translate

Sunday 12 December 2010

Kembang

Teu nyangka sacongo buuk, manehna datang bari mawa sabeungkeut kembang. Teuing kembang naon ngaranna, kuring oge teu apal. Ari ningali bentuk kembangna mah laleutik, raranggeuyan jiga malati. Tapi ieu mah rupana oranye. Diambeu, biasa wae hambar, taya seungit saeuti-eutik acan. Tapi eta resepna teh, ngaranggeuy, kembangna leubeut jeung seger.

Ah...anu pasti mah ketang, pedah we nu mangmawakeunana manehna. Lalaki anu salila ieu jadi implengan. Anu datangna ka pangindekosan teu weleh dianti-antina. Manehna, anu kakara dua bulan kaliwat wawuh, jeung geus sababaraha kali ulin ka kuring. Ketang, teuing husus keur kuring datangna teh, teuing lain. Kapan harita basa mimiti wawuhna oge panggih teh lain jeung kuring wungkul.

Harita, pareng kalender tanggal beureum, kuring jeung babaturan sapangindekosan pere kuliah. Bosen jalan-jalan ka kota, harita kuring sabatur-batur mutuskeun ulin ka gunung. Teu jauh-jauh jeung lain gunung luhur-luhur. Milih teh ka tempat nu teu jauh ti tempat kos, Tangkuban Parahu.

Ngabring isuk-isuk, motong jalan kampus. Ti terminal peuntaseun kampus, numpak mobil nu ka Lembang. Teu lila ngetem mobil teh geus maju. Di jalan lancar taya halangan harungan. Sabatae nepi ka tempat tujuan teh isuk keneh pisan. Keur mah di gunung, katambah isuk-isuk keneh pisan, atuh karasa pisan tirisna. Kuring pacepeng-cepeng leungeun jeung Maya, bari leumpang muru toilet. Baku, kuring jeung Maya mah, di pangindekosan oge katelah si tukang ka cai. Komo ieu di tempat sakieu tirisna. Cai gunung karasa nyecep kana kulit.

"Atos, Ti?" Kang Asep nu keur nangtung pagegeye jeung Teh Dea nanya, basa kuring jeung Maya kaluar ti toilet.
"Atos, Kang. Teh Dea moal nyah?" kuring malik nanya.
"Moal meureun. Asal aya Kang Asep, haneuteun Teh Dea mah, Ti," ceuk Kang Asep kumasep bari muril kumisna. Nu diheureuyan ngageplak tonggong Kang Asep satakerna.

Teu karasa kuring sabatur-batur geus nepi ka jalan satapak beh peuntas. Kawah Jurig, cenah, ceuk Dudi mah. Di kawah eta kawilang loba nu arulin. Boh nu sarombongan boh nu paduduaan. Anu paduduaan, diantarana aya anu keur nyusun ngaran duaan ku batu-batu leutik nu pabalatak di sabudeureun palataran luhureun kawah. Kang Asep jeung Teh Dea oge mimiti sibuk ngumpulkeun batu susuneun.

"May...urang nyusun ngaran urang yu!" ceuk kuring ka Maya.
"Ih...nanaonan! bisi aya nu nyangka "cinta sejenis" kumaha?" ceuk Maya bari nyikikik. Tungtungna mah kuring jeung Maya, jeung babaturan nu datangna teu jeung pasanganana, ukur tinghariul teu puguh. Sakali-kali Maya ngajepretkeun kamerana, lamun pareng nempo objek nu hade.

Kuring ngurilingkeun paneuteup ka luhur. Puncak Tangkuban Parahu ngajungkiring hareupeun. Teu lila, ti beh luhur aya anu ringkang-ringkang rek turun. Disidik-sidik, nyata jelema. Sorangan katingalina mah. Teuing memang katingalieun, teuing kabeneran, manehna gugupay ka kuring. Kuring oge lengeun teh replek, males ngagupayan nu keur ujlang-ajleng turun. Ku taya kapaur jelema teh, di jalan anu sakitu tarahalna, ujlang-ajleng, ceuk hate.

"Hayoh! Saha itu, Ti?" teu kanyahoan Maya geus nangtung deui gigireun.
"Teuing atuh," ceuk kuring bari panon manco ka nu turun ngadeukeutan. Beuki lila beuki kaciri tangtunganana. Jangkung, leutik.....kasep deuih jigana teh!

Beuki deukeut, beuki deukeut...beuki sidik.

"Maya!' teu sadar kuring ngageroan Maya.
"Aya naon, meni reuwas!" ceuk Maya bari dengdek ka kuring. Kuring mere isarah, sangkan Maya nuturkeun paneuteup kuring ka jalma nu beuki ngadeukeutan.
"Kasep, siah!" Maya semu ngajerit dipegeg. Kuring ukur ngarenyu.
"Hallo....ade-ade!" ceuk manehna nu anyar turun, logatna sidik lain urang Sunda. Saterusna biasa, carita ilahar. Kuring, Maya, Kang Asep, Teh Dea jeung nu lianna wawanohan jeung manehna. Cenah, harita manehna keur ngayakeun panalungtikan ngeunaan gelap di tempat panalungtikan bogana ITB anu perenahna di puncak gunung Tangkuban Parahu.

"Buat skripsi. Kebetulan dosen terbang saya dosen ITB," manehna nerangkeun.

Kuliahna di Universitas Sriwijaya jurusan Tehnik Elektro, Palembang. Pikeun ngumpulkeun bahan keur skripsina, manehna datang ka Bandung. Saminggu sakali manehna turun ti puncak, ngadon jalan-jalan. Boh ukur sabudeureun gunung, boh turun ka kota. Ka kotana, bisa ukur ka Pasar Lembang, bisa oge nepi ka Bandung. Balanja kadaharan bekel saminggueun di puncak, keur duaaneun jeung baturna. Sakali sewang manehna jeung baturna anu turun teh. Tapi poe harita, kabeneran pisan manehna anu turun teh. Wawuh, bari saterusna milu jalan-jalan jeung kuring sabatur-batur di sabudeureun gunung.

Leuwihna ti eta, manehna datang ka tempat kos. Waktu tepung munggaran, manehna menta alamat kos. Atuh giak ku kuring jeung Maya dibere.

Teu kungsi saminggu ti harita, manehna ngurunyung ka pangindekosan. Datangna jadi kabungah nu taya papadana pikeun kuring. Teuing atuh, kuring teh meni ge-er teuing, asa enya manehna teh datang husus keur kuring. Padahal mah boa rek ka Maya, Elis, Teh Dea atawa ka sarerea. Ma'lum kasebutna jelema ngumbara, pasti hayangeun loba kawawuhan. Datang munggaran, ukur aya kuring jeung Maya di tempat kos teh. Uplek ngobrol lila pisan. Saterusna mah malah ukur jeung kuring, da Maya aya jadwal kuliah kabeurangnakeun. Ditinggalkeun ku Maya teh kuring jadi manggih jalan, menta dipangnarjamahkeun tugas kuliah. Jero-jerona mah bari satengah ngetes. Hayang nyaho sakumaha pinterna. Horeng enya wae, manehna mah narjamahkeun teks basa Inggris teh teu kudu loba teuing muka kamus. Cirining vocabularyna loba pisan. Da eta we tugas anu ku kuring digugulung ti minggu kamari teh, ukur sajam mu manehna mah anggeus. Lumayan....lian ti dibaturan ku nu kasep teh, tugas kuliah anggeus sarupa. Saterusna ngobrol ngaler-ngidul, sagala dicaritakeun. Kaasup manehna anu mualaf. Dina ngudag kayakinanana jadi muslim, geuning lain jalan enteng-enteng. Lantaran kolot-kolotna kaasup taat kana agamana anu tiheula dianut, manehna kungsi ngalaman hirup kadungsang-dungsang alatan diusir ti imahna. Manehna mondok-moek di masjid, tapi saterusna dirawatan ku ustad anu ngislamkeunana, diajak di bumi ustadna.

Jalan hirupna anu sakitu, beuki nambah simpati kuring ka manehna. Bisa jadi, kuring mimiti resep ka manehna.

Keur resep-resepna kitu, manehna datang mawa kembang, saha nu teu ngawang-ngawang! Kuring asa dibere naon, najan manehna can kedal ucap nanaon, hate kuring geus ge-er tiheula. Sabeungkeut kembang oranye teh ku kuring estuning ditatap diusap. Teu meunang aya nu katodel, komo nepi ka muguran.

"Duuh.....setangkai bunga mawar!" Maya ngagonjak bari gual-geol nyanyi dangdut. Kuring ukur nyikikik.

Poe ieu, kuring rek nyelang mulang ka lembur. Geus lila teu tepung jeung Mamah. Ongkoh geus aya kirimkeuneun. Biasa, kuring mah lamun aya honor ladang nulis teh sok dibeulikeun sabun jeung kaperluan dapur keur ngirim Mamah. Lumayan, najan can bisa unggal bulan.

Rengse beberes barang bawaeun, teu poho kembang oge dibekel. Teuing kunaon ieu hete, bet asa kabina-bina. Teu hayang pisah jeung kembang, najan ukur sapoe. Pikiran teh rek ditembongkeun ka Mamah, kembang pamere manehna teh. Ulah ukur apaleun tina dongengna wungkul Mamah teh.

"Dibekel....Neneeeeng!" Maya, babaturan pangdeukeutna ngagonjak basa nempo kuring ngeukeuweuk kembang bari babawaan sejen oge angkaribung.
"Padahal mah keun atuh sadinten mah...," ceuk Maya deui bari nyikikik.
"Ih...lain nanaon May, bisi Mamah oge resepeun. Mangkaning Mamah teh resep pisan kana kembang," kuring mere alesan. Maya ukur nyengir.

Mulang teh numpak beus. Babawaan anu dikeukeuweuk, ku kondektur titah disimpen di hareup, deukeut supir.

"Wios we, Pa, bilih kacalikan ku nu calik di payun," ceuk kuring.
"Moal atuh, Neng. Da nu dariuk oge kira-kira, meureun!' ceuk kondektur. Nempo Si Bapa semu molotot mah kuring eleh deet. Najan beurat, kembang diasongkeun ka manehna. Ari kudu diuk deukeut supir, hoream kuring teh. Sok karasa panas mesinna.

Teu karasa di jalan teh. Ongkoh sajajalan kuring ngadon sare, nyaho-nyaho geus nepi.

"Neng...turun di mana , Neng?" ceuk kondektur nu ngaguguyah. Aya ku tibra geuning sare teh.
"Eh....ieu terminal nya?" kuring rucang-riceng, gigisik bari gesat-gesut rek turun.
"Tarriiik!" ceuk kondektur basa kuring turun tina beus. Kondektur teh ngajleng kana beusna liwat panto tukang. Tayohna mah moal narik deui beus teh, da geuning mulang kosong. Tapi...ke, ke....asa aya nu poho....Gusti! kembang!
"Pa!...heeeeey, beus! Kembang! Kembang!" kuring teu sadar gogorowokan. Taya nu malire!

***   
Ku : Kanti

(http://majalah-mangle.com/rubrik.php?mod=detail&id=331)

1 comment:

  1. Alus... Alus... Alus.... Kuabdi didukung situs-situs atawa blog nu nganggo bahasa sunda. Alus pisan yeuh nu boga blog... teraskeun nulis cing seueur.. tambihan deui topikna nya.

    ReplyDelete

Babaturan