Translate

Saturday 24 October 2009

Kecap Rajekan

Kecap rajekan nya eta kecap anu diucapkeun dua kali arawa leuwih, sebagian atawa degemblengna, rabah sorana watawa heunteu. Nya eta :

* a. Dwi purwa

Dwi purwa asal kecapna tina dwi = dua; purrwa= mimiti, hartina engang nu mimiti diucapkeun dua kali,
Conto :
Tojo = totojo
Tacong = tatajong

* b. Dwilingga

Dwilingga nya eta nu dirajek sagemblengna kecap, aya nu robah, aya oge anu teu robah sorana. Nya eta :
1) Dwimurni (Nu teu robah sorana)
macemna aya:

* a) nuduhkeun loba : bangku-bangku, jelma-jelma,
* b) rupa-rupa, sarua sifatna : hasem-hasem, amis-amis, pait-pait,
* c) lila milampahna : nimbang-nimbang, mikir-mikir,
* d) nuduhkeun siga : ucing-ucing, siku-siku, kuda-kuda,
* e) nuduhkeun hanjakal : geulis-geulis, kasep-kasep,

2) Dwireka (Nu robah sorana)

* a) nuduhkeun rupa-rupa : uanak-anik, tulang-taleng, grudak-gruduk,
* b) nuduhkeun leuwih ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor

3) Dwisasana (nu dirajek engang panungtungna)
padugdug, cikikik, cikakak, jrd

* c. Trilingga

nya eta disebutna tilu kali jeng robah sorana.
Conto : dag dig dug, pak pik pek, har her hor, jrd

No comments:

Post a Comment

Babaturan